Translate

Minggu, 16 Februari 2014

Materi Basa Sunda Kelas XII



 APRESIASI DONGENG

A.    Pengertian
Dongeng nyaeta carita anu pondok, serta eusina/sabagian eusina ngandung hal-hal nu teu asup akal (pamohalan). Dongeng the kaasup carita klasik tradisional. Iraha mimiti ayana, teu kapaluruh. Nya kitu deui saha anu ngarangna teu puguh (anonim). Ari nyebarna tatalepa sacara lisan. Bareto mah ngadongeng atawa mangdongengkeun teh jadi tradisi urang sunda.

B.    Ciri – Ciri Dongeng
1.        Ngagunakeun alur nu sederhana
2.       Carita na singket jeung gerak cepat
3.       Karakter tokoh teu diuraikeun sacara rinci
4.       Di tulis siga pancaritaan sacara lisan
5.       Aya pesan dina caritana6. langsung7. carita nu diangkat teh teu asup akal

C.     Babagean Dongeng
1.        Fabel                     : Dongeng sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas
jelema, upamana bae bisa ngomong jeung ngagunakeun akal pikiran., contona : Monyet jeung kuya, jsb.
2.       Carita Jenaka       : Carita anu pikaseurieun, contona : si kabayan, Lebai nu
malang, jsb.
3.       Legenda                : Legenda sok disebut oge dongeng sasakala, nya eta
dongeng anu nyaritakeun asal muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan, kabiasaan, atawa tutuwuhan, contona Tangkuban parahu, roro mendut, jsb.
4.       Mite                      : Dongeng anu eusina raket patalina jeung keperacayaan
masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal anu sipat na gaib, contona : Nyi roro Kidul, Roro jongrang, jsb.
5.       Sage                      : Carita anu ngandug unsur sajarah, contona : Tutur Tinular,
Paratan, Jsb.
6.       Parabel                 : Carita anu ngandung unsur atikan jeung kaagamaan.
Contona : Damar wulan, jsb.



D.    Unsur Intrinsik Dongeng
1.        Téma nya éta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng. 
2.        Galur (plot) disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita.  Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimiti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran. 
3.        Tokoh carita atawa palaku nya éta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4.       Latar (setting) nya éta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng. 
5.        Amanat nya éta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna. 

6.     Conto Dongeng
SANGKURIANG
Aya hiji putri raja di tatar Sunda nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina nu ngaranna Dayang Sumbi, tapi hanjakal manehna diasingkeun ka leuweung alatan nandang panyakit nu teu cageur-cageur, nu dianggap bisa ngabalukarkeun boborna wibawa jeung komara sang Raja.
Dina sajeroning pangasingan, pikeun ngaleungitkeun kakesel, sapopoena sok ngadon ninun di saung ranggonna Hiji mangsa keur anteng ninun, taropong paragi ngasupkeun benang kana rentangan anyaman benang murag. Kulantaran keur kagok digawe, Dayang Sumbi ngucap ka sing saha bae nu daek mangnyokotkeun jeung nganteurkeun eta alat ka manehna, lamun awewe rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun salaki. Harita aya anjing jalu nu ngaran si Tumang nyokot eta alat jeung nganteurkeun ka Dayang Sumbi. Dayang Sumbi kacida ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap. Kapaksa Dayang Sumbi kudu ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang, nepi ka boga budak lalaki nu kacida kasepna nu dingaranan Sangkuriang.
Hiji mangsa Dayang Sumbi hayangeun pisan jantung mencek, nya gancang nitah Sangkuriang. Tapi dadak dumadakan harita nepi ka sapoe jeput teu panggih jeung sato naon-naon. Sangkuriang bingung ku lantaran can hasil nedunan kahayang nu jadi indung, Sangkuriang sieun nu jadi indungna bendu mun mulang teu mawa hasil. Barang ret ka si Tumang nya timbul akalna, terus si Tumang dipanah jeung dicokot jantungna, terus dibawa jeung dipasrahkeun ka indungna. Ku Dayang Sumbi ditarima terus diasakan.
Dina sajeroning masak Dayang Sumbi ras inget ka si Tumang, anu saterusna ditanyakeun ka Sangkuriang kamana si Tumang. Tapi Sangkuriang ngabetem teu ngajawab. Ahirna Sangkuriang wakca balaka, yen anu eukeur dipasak ku Dayang Sumbi teh eta jajantungna si Tumang. Atuh dadak sakala Dayang Sumbi ambek kacida, bakat ku ambek sinduk batok nu keur dipake masak harita ditakolkeun kana sirah Sangkuriang nepi ka baloboran getih nu ngabalukarkeun sirahna pitak jeung terus diusir. Sangkuriang minggat teu puguh arah tujuan kalunta-lunta.
Gancangna carita, Sangkuriang tumuwuh jadi jajaka nu gagah kasep tur luhung ku elmu. Hiji mangsa panggih jeung Dayang Sumbi nu sacara lahir wujudna teu robah lir parawan geulis, lantaran ngagem elmu awet jaya. Duanana pada teu wawuh pangrasana karek tepung munggaran harita. Barang paamprok timbul tatali asih, nya terus patali jangji rek hirup babarengan ngawangun rumahtangga. Hiji mangsa Dayang Sumbi keur anteng nyiaran buuk Sangkuriang, katenjo aya pitak dina sirah Sangkuriang, harita Dayang Sumbi ngagebeg sabab ras inget ka nu jadi anakna waktu keur leutik ditakol ku sinduk persis palebah eta pitak. Nya gancang tatalepa tumanya ka Sangkuriang nalungtik sajarahna eta pitak. Sanggeus dicaritakeun nu sabenerna atuh kacida reuwasna horeng eta Sangkuriang teh anakna nu geus heubeul diteangan dianti-anti hayang kapanggih deui, atuh gancang ku Dayang Sumbi dibejer-beaskeun yen sabenerna manehna teh indungna kalayan menta ka Sangkuriang sangkan pamaksudan hayang hirup laki-rabi jeung manehna dibolaykeun, sabab teu mungkin anak kawin ka indung.
Ngadenge caritaan Dayang Sumbi kitu Sangkuriang teu percaya,.Sangkuriang boga anggapan yen caritaan kitu teh, sakadar alesan pikeun ngabolaykeun jangji pasini. Dayang Sumbi terus ngajebejerbeaskeun ceuk paribasa nepi ka beak dengkak ngajelaskeun sangkan nu jadi anak sadar jeung narima kana kanyataan nu tumiba, tapi Sangkuriang tetep teu percaya jeung keukeuh maksa pikeun ngawujudkeun tali rarabi rumahtangga, malahan jadi ngabuburu sagala hayang harita keneh dilaksanakeun. Mireungeuh kahayang Sangkuriang kitu, Dayang Sumbi ngaheruk buntu laku beakeun jalan pikeun nyingkahan, harita timbul akal
sangkan tali rarabi bisa dibatalkeun ku jalan nyanggupan pikeun kawin tapi aya sarat, nyaeta Sangkuriang dina jero sapeuting kudu bisa ngabendung nyieun talaga gede jeung parahu pikeun lalayaran madukeun kaasih, nu ceuk pikirna pamohalan eta sarat bisa katedunan ku Sangkuriang.
Sangkuriang nyanggupan, kalayan gancang guragiru ngumpulkeun madia baladna bangsa lelembut nu katelah Guriang Tujuh. Teu kungsi sapeuting eta pagaweaan ampir anggeus, atuh nempo kaayaan kitu Dayang Sumbi kacida reuwasna, sabab sieun ku dosa. Dayang Sumbi terus sidakep situhu tunggal mujasmedi sangkan Sangkuriang teu bias nganggeuskeun pagaweanana. Gura-giru Dayang Sumbi ngerahkeun masyarakat di wewengkon eta sangkan ngebeberkeun jeung ngelebetkeun boeh rarang nu didamaran ku obor nu nimbulkeun pantulan cahaya katingalina mangrupa balebat tanda peuting rek ganti beurang, kitu oge ibu-ibu jeung para wanoja dikeprik dimana-mana sangkan gancang babarengan narutu lisung tutunggulan.
Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago jadi reang pating kongkorongok. Guriang Tujuh nu keur ngangsitkeun pagawean kacida reuwaseun, atuh gancang kalabur teu sanggup neruskeun, nu balukarna naon nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bias direngsekeun ku Sangkuriang.
Ngarasa ditipu Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse terus ditalapung nya ragrag jadi Gunung Tangkuban parahu, tunggul-tunggul sesa nuar kai pikeun nyieun parahu robah ngajadi Gunung Bukittunggul, sedengkeun tumpukan dahan, pangpang, rerenteng jeung daun kai ngajadi Gunung Burangrang. Sangkuriang teu puas, anu saterusna ngudag-ngudag Dayang Sumbi, ceuk sakaol sapanjang jaman tepi ka wanci ayeuna Sangkuriang masih terus ngudag-ngudak Dayang Sumbi.

7.       Hasil Apresiasi :
a.      Tema               : percintaan yang terlarang
b.      Tokoh             : Dayang sumbi, Tumang, Sangkuriang
c.        Penokohan     :          
-         Sangkuriang = Tukang ambek, heuras.
-         Dayang Sumbi= Cerdik, tabah, nurut kana adat jeung sabar.
-         Tumang : Bageur.
d.      Galur               : Merele
e.       Latar               :
-         Tempat     = Di leuweung, Jawa Barat, jsb
-         Waktu      = Sapeuting, jsb.
-         Suasana    = Tegang (basa sangkuriang keur ambek)
f.        Amanat          : Kudu terus ngahormat jeung nurutan nu dibejakeun ku sepuh urang. Urang oge ulah nurutan hawa napsu nu ngajadikeun urang gampang ambek.

8.      Kacindekan
Apresiasi dongeng teh digunakeun pikeun ningali eusi jeung inti pokok carita dongeng. Ngaapresiasi tiasa dilaksanakeun kucara nilik unsur intrinsik diantarana tema, tokoh, latar , glur, jeung amanat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar