Carita
Pantun
Carita pantun mangrupa karya sastra Sunda buhun (klasik) paninggalan
karuhun (nenek moyang) anu berkembang sacara lisan jeung jadi pimilik
masyarakat Sunda. Carita pantun kaasup kana jenis karya sastra lisan Sunda
"asli" kumardi di jero isina relatif tacan kapangaruh sastra Jawa
atawa Melayu. Isina umuna ngagambarkeun kebesaran jeung keagungan karajaan
Pajajaran. Iraha ceritera ieu
awalna aya hese diitalungtik sacara pasti. Mung kitu, dumasar tina naskah Sunda
Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian nuditulis dina taun 1440 Caka atawa 1518
carita pantun geus katelah.
Kiwari, naun nu disebut carita
pantun sabagian parantos dibukukeun. Saeutikina aya 76 carita pantun nu
parantos dibukukeunn. Salah sahiji diantarana nyaeta Carita Pantun Kembang
Panyarikan. Pantun ieu cukup loba pendukungna utamina di kalangan sesepuh di
Kabupaten Kuningan
Conto Carita Pantun
Lutung Kasarung
Kacaturkeun di nagara Pasir Batang,
Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri
wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu
Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep
Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa
Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos
ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet
Purbasari, putra bungsu. Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna
teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang
ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda,
putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa
jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu
sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”
Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.Kocap deui
di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging
lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka
leuweung.
Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung
néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah
sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék
wiwilanganana mah. Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang,
dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék
disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit!
Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho
anu dingaranan karaton.“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit
bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda
rupa turun ka dunya.
Lutung Kasarung dibawa ku Aki
Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu
teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér
pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.” Nya atuh ku Léngsér
dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun,
lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk
teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya
kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar
nampik pasihan rama.” Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat
ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun. Keur jarongjong ninun,
ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé. “Cing Adi, pangnyokotkeun
taropong!” “Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih. 'Cing lutung
pangyokotkeun taropong di kolong balé!”
Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng,
top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor
disodorkeun! “Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér!
Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!” Jut
Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku
Purbasari.
“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh
aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu
di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka
Si Tétéh.”
Tutas haturan, Léngsér mulang ka
karaton. Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék,
di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep
Sang Putri disirep. “Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku
tunduh!” “Oaah, Sang Putri, lutung mah
tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!” Reup Putri Purbasari kulem tibra
pisan. “Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan
Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,”
gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan digédogkeun, bray baranang
siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna
katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari
dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala,
disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi
balé kancana. Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir
ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti
bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak,
sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari. Mimitna Purbasari diperih pati,
kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat
sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.
Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu
Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana. Tuluy Purbasari
dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh
katungtun ku Purbasari ka nagara. Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén
étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus
tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di
tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh. Rupa-rupa ékol Purbararang,
antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping,
papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara
mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang pinuh ku haté
dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh
manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh
Purbasari, lutung.
Purbasari éléh, tenggekna kari
saketokkeun diteukteuk. Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri
panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung
ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.
Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari
Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon.
Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais
bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki
Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di
Pasir Batang.
Eusi
Carita
Ngalalakonkeun kateuadilan di nagara
Pasir Batang ku sabab putri sulung Purba Rarang hayang maténi adina anu bungsu
Purba Sari alatan bapana ngawariskeun karajaan ka Purba Sari. Ku sabab Purba
Sari leutik kénéh, nya kalungguhanana disuluran ku lanceukna, Purba
Rarang. Di Kahiangan kacaturkeun Guru
Minda meunang impian pinanggih jeung putri nu kacida geulisna sarimbag jeung
kageulisan indungna, nyaéta Sunan Ambu. Nalika isukna Guru Minda madep ka
Ibuna, Guru Minda ngalingling ngadeuleu maling (maling teuteup) ka nu jadi
indung, nepi ka Sunan Ambu ngahukum anakna turun ka buana panca tengah (alam
dunya) pikeun néangan pupujan atina tapi kalawan ngagunakeun baju sanghyang
méga hideung, nyaéta lutung.
Di Buana Pancatengah Guru Minda nu
minda rupa jadi Lutung turun di leuweung tuluy panggih jeung Aki Panyumpit nu
dipapancénan ku Purba Rarang sangkan néwak Lutung alatan Prabu Tapa Ageung nu
bobor tatapa ku cara ngadahar daging lutung.
Aki Panyumpit tuluy mawa lutung ka istana, ngan ku sabab kacida héséna
dipeuncit, samalah kalah ngaruksak taman, Purba Rarang nitah ka Si Léngsér
pikeun ngahaturkeun éta lutung ka Purba Sari.
Basa amprok jeung Purba Sari, Guru
Minda sadar yén manéhna geus pinanggih jeung putri nu kungsi ngalangkang dina
impianna. Sanggeus ngaliwatan sababaraha ujian jeung sagala cobaan nu datang ti
Purba Rarang, antukna Purba Sari Ayu Wangi bisa ngarebut kalungguhan anu
sakuduna dipimilik ku manéhna sarta mingpin karajaan dibarengan ku Guru Minda
nu geus salin jinis jadi jajaka nu kacida kasépna
Analisis Carita
•
Téma
carita: Kadengkian
•
Panokohan:
a)
Protagonis :
Dewi Purbasari
Watek: Alus haté
Lutung kasarung
Watek: Alus haté sarta sok nangtayungan Dewi purbasari
b) Antagonis : Dewi Purbararang
Watek : Dengki sarta jahat
c) Tritagonis : Prabu Tapak Agung
Watek : Teu adil
•
Alur
Carita : Maju
a)
Ngawanohan/eksposisi: Manéhna nyaéta
saurang wanoja anu ngaranna
Purbasari
b) Kajadian
: Seserahan tahta dina putri kadua
c) Konflik : Sabot Putri Purbasari (purti kadua) hayang
dijadikeun Ratu.
Ku kituna ngabalukarkeun kebencian ti Purbararang (putri kahiji)
d) Klimaks : Putri Purbasari
diasingkan ka leuweung
e) Antiklimaks : Putri Purbasari henteu menaruh dendam ka
lanceukna
nyaéta Putri Pubararang
f) Solusi : Putri Purbasari disejenkeun barobah kaayaan Ratu sanggeus
Purbabarang ngajirim kaeleh na
•
Setting
:
a) Waktu : Jaman baheula basa
b) Tempat : Ditaneuh Pasundan
c) Kaayaan : Matak hanjelu sarta matak kagagas
•
Amanat : Kudu bisa narima hiji katangtuan sanajan hal éta dirasa
henteu adil sarta bisa narima sacara sportif
Tidak ada komentar:
Posting Komentar